Minggu, 24 November 2013

"SISINDIRAN"

Saninten buah saninten,saninten di parapatan # Hapuntn abdi hapuntn,hapuntn sagala kalepatan.

Ulah sok ngabotol limun,hayng mah cicikeun wae # ulah sok getol ngalamun,hayng mah kawinkn wae.

Ti peuting ngaji imriti,tibeurang ngji yakulu # ti peuting k impi-impi,ti beurang asa mimilu.

Aya meuri dina rakit,boboko wadah bakatul # lain nyeuri ku panyakit,kabogoh di reubut batur.
Boboko ragrag ti imah ninggang kana pileuiteun # ulah sok bogoh k semah,ari balik sok leuleungiteun.

Parentul iwung paragpag nangka,aya beunyeur tapianeun # parentul irung paragpag mata,mawa beuteng eusianeun.

Manuk ciung na pisitan,rambutan aratah keneh # di cium kunu kumisan,sabulan karasa knh.

Cikur liung jahe
koneng,lampuyang pamura beuteung # indung jangkung bapak koneng,anak,a burayut beuteung.

Ketuk tilu kendang dua,erloji di putar eui # huntu tilu kari dua,nu hiji ges unggar deui.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar